SILSILAH
KUBANG PANINEUNGAN
EMBAH JANGKUNG PANCUH MUNGGARAN
DISUSUN KU : DIDIN S YOGA, S.Pd,Msi
dulur ulah di batur-batur
batur batur dulur dulur
dulur mah tetep dulur
PANGANTEUR
Geus lawas pisan aya kereteg hayang nyusun ieu silsilah teh. Ngan nya kitu, susah pisan pikeun kuring dina nempatkeun waktu luang keur nyusunna. Genep taun lilana ieu susunan silsilah teh disidemna, malah mah hasilna meunang nyusun teh puguh dina lanjeuran itungan taun anu sakitu lilana. Lamun diijir kana luang, beut asa dosa , dosa ka diri , dosa kanu menta pangnyusunkeun , nyaeta dulur baraya , kadang wargi Kubang – Kopo – Sukamaju – Rancasalak nu geus pasti nganti-nganti , jigana matak nyeri beuheung sosonggeteun!.
Ku hal eta pisan, kuring geus gilig pikeun ngarengsekeun ieu susunan silsilah anu alhamdulillah tiasa medal kalayan dijudulan “KUBANG PANINEUNGAN – Embah Jangkung Pancuh Munggaran”. Judul anu tangtuna oge hasil nyarungsum sapagados jeung silsilah anu ku kuring di pedar – diguar kalawan diimeutan supaya ngamalirkeun lalangse bihari ka kiwari, ngenteung rupa dina kalangkang awak satungtung, mapay-mapay rasa tatali wiwitan : timana urang mimiti ?, turunan saha ?, ari itu dulur lain ?. Beut asa pamohalan lamun tea mah pikiran jeung rarasaan urang kabeungkeut ku pirang-pirang pananya siga kitu, badis kakara panggih jeung jalma di tengah leuweung geledegan.
Runtunan taun nu terus ngabiur mundur ninggalkeun pirang-pirang pazamanan. Para sepuh urang anu biasa jadi paseur doa pangjurung ringkang parantos ngarantunkeun , kiwari karasana teh beut asa geus udar tatali dulur pituin; dulur jeung baraya atah anjang , dulur jeung baraya teu papada apal. Kalan-kalan sok api-api teu apal , duka lingsem duka gengsi , atanapi ngajaga komara ? . Eta gambaran teh ebreh lamun seug papada panggih sok dimimitian ku nyarita : Saha tea nya ieu teh ?. Palebeuh hal ieu , wargi-wargi ti Kopo sok mindeng ngarandapan , malah sok ngangluh bari pagaliwota ku rupa-rupa pananya jeung sangkaan : naha nya beut kitu ?, meureun embung pancakaki pedah kuring mah…..miskin !.
Sajatina, hal sarupa anu ku kuring ditulis di luhur, heunteu sagamblangna kudu diteumbleuhkeun ka anu jarumeumneung kiwari , tapi oge kaleupatan para sepuh urang kapungkur . Duka naon atuh jadi marga lantaran , da sainget kuring, sepuh-sepuh ( kaasup nini jeung aki) beut carang pisan silih anjangan seja ngawanohkeun hiji-hiji rundayanana nu ngakibatkeun simpay wargi poros Kubang- Sukamaju—Kopo – Rancasalak ”heunteu ngalir” anu pamustunganana : saha tea nya ieu teh ? .
Ku gambaran eta , kuring teu deuk nyebut yen turunan ti Kubang (Kadungora) – Nangkaleah (Leles) geus ngarangrangan , tapi meureun bisa disebut kurangna tarekah pikeun ngayakeun hojah patepung lawung, hiji cara pikeun ”ngagedekeun” deui seuneu obor nu meh kakaliceusan. Naon sabab na kudu ngayakeun tarekah ?, jawabanana ”demi harga diri, demi manusa nu teu weleh napak dina nilai jeung makna kahirupan” , sabab saestuna , numutkeun pangankeun lahir ti jalma-jalma nu aya di luar garis kaluarga , ceunah turunana Kubang- Nangkaleah teh gede, rongkah jeung kamashur . Ari gege, da gurat rundayanana narekab tur puguh dumuk jeung juntrunganana. Ari nu disebut rongkah, katinggali dina gurat wateuk : semu ngamenak, pinteur nyarita , jeung reusuep kana seni. Sedeng kamasyurna, ceunah turunan ti Kubang – Nangkaleah mah sok resep ngayakeun usaha-usaha mandiri (entrepener) , malah teupi ka ayeuna loba rundayanana nu kabekelan elmu nyieun R.O atawa kurupuk. Kulantaran kitu , moal matak gaplah tapi gede pisan manfaatna lamun urang weleh patarema rasa-patepung lawung – paamprok
jonghok jeung kadang wargi . Ampun paralun , lain rek munjung ka sifat Chauvinisme (ngagede-gedekeun dirina , ngagede-gedekeun bangsana , ngagede-gedekeun nagarana), tapi seja nyaah kana struktur turunan !.
Ras emut ka almarhum Ma Uwi , manteunna ngarupakeun tokoh sepuh anu kiat pisan memori emutanana anu kantos maparin inspirasi pikeun nyambung-nyambungkeun plot jeung anekdot serta masihan iber ngalelebah rundayan Kubang- Nangkaleah . Manteunna ngarupakan nara sumber munggaran pikeun kuring dina nyusun ieu silsilah . Manteuna pisan anu kantos ngajurungan kuring pikeun nyusun ieu silsilah . Mung hanyakal manteunna tos tilar dunya.
Mudah-mudahan wae tarekah kuring nyusun ieu silsilah ngarupakeun hiji jalan pamuka pikeun diteruskeun kana hareupan anu geus disebut diluhur. Sabab leuwih onjoy ti dinya, jigana kuring teu mampuh. Mudah-mudahan wae ki dulur-dulur leuwih mampu pikeun ngayakeun tarekah nu leuwih undak kalawan bisa meuntas hareupan kuring , da geuning ieu silsilah anu ku uring disusun teh jauh pisan ka payus manan komo disebut hade mah. Nuh puguh mah kuring hampura geus wani-wani ngangsrog hareup teuing, ieu mah wami ngantup nyusun soteh pedah boga kamelang jeung saeutik kadorong ku energi pedah kuring kungsi ngalaman hirup lila di Kubang baligeusan ngajadi, apal ka suklak-siklukna, apal kana pernak pernikna, kalayan diatik dididik ku sepuh-sepuh generasi katilu jeung ka opat (Embah Jangkung, generasi ka hiji)
Sakali deui kuring menta dihampura sok bisi aya kadang wargi anu kagores mamaras rasa pedah kuring ngungkab ieu silsilah teh make deskrifsi carita objektif (sajalantrahna kajadian), muga bae ulah ngaleutikan hate , asa diwiwirang, jeung dipateni karakter, sabab maksud teh lain kadinya loyogna, tapi rek ngamanjingkeun wujud silsilah anu jembar kalayan bisa mere omber kana hiji harti atikan pikeun rundayan anu macana. Cag !.
Pasir Eurih, Rayagung 2002
DIDIN S YOGA, S.Pd.M.i
Baca Lanjutannya…
Komentar Terakhir