Oleh: abusyafiq | Oktober 14, 2008

SILSILAH KUBANG PANINEUNGAN EMBAH JANGKUNG PANCUH MUNGGARAN

SILSILAH
KUBANG PANINEUNGAN
EMBAH JANGKUNG PANCUH MUNGGARAN

DISUSUN KU : DIDIN S YOGA, S.Pd,Msi

dulur ulah di batur-batur
batur batur dulur dulur
dulur mah tetep dulur

PANGANTEUR

Geus lawas pisan aya kereteg hayang nyusun ieu silsilah teh. Ngan nya kitu, susah pisan pikeun kuring dina nempatkeun waktu luang keur nyusunna. Genep taun lilana ieu susunan silsilah teh disidemna, malah mah hasilna meunang nyusun teh puguh dina lanjeuran itungan taun anu sakitu lilana. Lamun diijir kana luang, beut asa dosa , dosa ka diri , dosa kanu menta pangnyusunkeun , nyaeta dulur baraya , kadang wargi Kubang – Kopo – Sukamaju – Rancasalak nu geus pasti nganti-nganti , jigana matak nyeri beuheung sosonggeteun!.

Ku hal eta pisan, kuring geus gilig pikeun ngarengsekeun ieu susunan silsilah anu alhamdulillah tiasa medal kalayan dijudulan “KUBANG PANINEUNGAN – Embah Jangkung Pancuh Munggaran”. Judul anu tangtuna oge hasil nyarungsum sapagados jeung silsilah anu ku kuring di pedar – diguar kalawan diimeutan supaya ngamalirkeun lalangse bihari ka kiwari, ngenteung rupa dina kalangkang awak satungtung, mapay-mapay rasa tatali wiwitan : timana urang mimiti ?, turunan saha ?, ari itu dulur lain ?. Beut asa pamohalan lamun tea mah pikiran jeung rarasaan urang kabeungkeut ku pirang-pirang pananya siga kitu, badis kakara panggih jeung jalma di tengah leuweung geledegan.

Runtunan taun nu terus ngabiur mundur ninggalkeun pirang-pirang pazamanan. Para sepuh urang anu biasa jadi paseur doa pangjurung ringkang parantos ngarantunkeun , kiwari karasana teh beut asa geus udar tatali dulur pituin; dulur jeung baraya atah anjang , dulur jeung baraya teu papada apal. Kalan-kalan sok api-api teu apal , duka lingsem duka gengsi , atanapi ngajaga komara ? . Eta gambaran teh ebreh lamun seug papada panggih sok dimimitian ku nyarita : Saha tea nya ieu teh ?. Palebeuh hal ieu , wargi-wargi ti Kopo sok mindeng ngarandapan , malah sok ngangluh bari pagaliwota ku rupa-rupa pananya jeung sangkaan : naha nya beut kitu ?, meureun embung pancakaki pedah kuring mah…..miskin !.

Sajatina, hal sarupa anu ku kuring ditulis di luhur, heunteu sagamblangna kudu diteumbleuhkeun ka anu jarumeumneung kiwari , tapi oge kaleupatan para sepuh urang kapungkur . Duka naon atuh jadi marga lantaran , da sainget kuring, sepuh-sepuh ( kaasup nini jeung aki) beut carang pisan silih anjangan seja ngawanohkeun hiji-hiji rundayanana nu ngakibatkeun simpay wargi poros Kubang- Sukamaju—Kopo – Rancasalak ”heunteu ngalir” anu pamustunganana : saha tea nya ieu teh ? .

Ku gambaran eta , kuring teu deuk nyebut yen turunan ti Kubang (Kadungora) – Nangkaleah (Leles) geus ngarangrangan , tapi meureun bisa disebut kurangna tarekah pikeun ngayakeun hojah patepung lawung, hiji cara pikeun ”ngagedekeun” deui seuneu obor nu meh kakaliceusan. Naon sabab na kudu ngayakeun tarekah ?, jawabanana ”demi harga diri, demi manusa nu teu weleh napak dina nilai jeung makna kahirupan” , sabab saestuna , numutkeun pangankeun lahir ti jalma-jalma nu aya di luar garis kaluarga , ceunah turunana Kubang- Nangkaleah teh gede, rongkah jeung kamashur . Ari gege, da gurat rundayanana narekab tur puguh dumuk jeung juntrunganana. Ari nu disebut rongkah, katinggali dina gurat wateuk : semu ngamenak, pinteur nyarita , jeung reusuep kana seni. Sedeng kamasyurna, ceunah turunan ti Kubang – Nangkaleah mah sok resep ngayakeun usaha-usaha mandiri (entrepener) , malah teupi ka ayeuna loba rundayanana nu kabekelan elmu nyieun R.O atawa kurupuk. Kulantaran kitu , moal matak gaplah tapi gede pisan manfaatna lamun urang weleh patarema rasa-patepung lawung – paamprok
jonghok jeung kadang wargi . Ampun paralun , lain rek munjung ka sifat Chauvinisme (ngagede-gedekeun dirina , ngagede-gedekeun bangsana , ngagede-gedekeun nagarana), tapi seja nyaah kana struktur turunan !.

Ras emut ka almarhum Ma Uwi , manteunna ngarupakeun tokoh sepuh anu kiat pisan memori emutanana anu kantos maparin inspirasi pikeun nyambung-nyambungkeun plot jeung anekdot serta masihan iber ngalelebah rundayan Kubang- Nangkaleah . Manteunna ngarupakan nara sumber munggaran pikeun kuring dina nyusun ieu silsilah . Manteuna pisan anu kantos ngajurungan kuring pikeun nyusun ieu silsilah . Mung hanyakal manteunna tos tilar dunya.

Mudah-mudahan wae tarekah kuring nyusun ieu silsilah ngarupakeun hiji jalan pamuka pikeun diteruskeun kana hareupan anu geus disebut diluhur. Sabab leuwih onjoy ti dinya, jigana kuring teu mampuh. Mudah-mudahan wae ki dulur-dulur leuwih mampu pikeun ngayakeun tarekah nu leuwih undak kalawan bisa meuntas hareupan kuring , da geuning ieu silsilah anu ku uring disusun teh jauh pisan ka payus manan komo disebut hade mah. Nuh puguh mah kuring hampura geus wani-wani ngangsrog hareup teuing, ieu mah wami ngantup nyusun soteh pedah boga kamelang jeung saeutik kadorong ku energi pedah kuring kungsi ngalaman hirup lila di Kubang baligeusan ngajadi, apal ka suklak-siklukna, apal kana pernak pernikna, kalayan diatik dididik ku sepuh-sepuh generasi katilu jeung ka opat (Embah Jangkung, generasi ka hiji)

Sakali deui kuring menta dihampura sok bisi aya kadang wargi anu kagores mamaras rasa pedah kuring ngungkab ieu silsilah teh make deskrifsi carita objektif (sajalantrahna kajadian), muga bae ulah ngaleutikan hate , asa diwiwirang, jeung dipateni karakter, sabab maksud teh lain kadinya loyogna, tapi rek ngamanjingkeun wujud silsilah anu jembar kalayan bisa mere omber kana hiji harti atikan pikeun rundayan anu macana. Cag !.

Pasir Eurih, Rayagung 2002
DIDIN S YOGA, S.Pd.M.i


Kubang

Kubang lembur matuh pupucuk lahir, kiwari sareret linduk nu betah semu-semu keueung. Keresek daun awi katebak angina masih keneh kawas baheula, daun cau emas gugupay lawas, kastuba beureum , saliara, ki garut paselang jeung kahitutan rembet di kebon , tonggeret sorana ngoetan hate , sora domba meupeuskeun jempling, karasana metot hate ka mangsa bihari , mangsa lawas nu teu weleh nganteung dina rarasaan jeung pipikiran. Manan komo ari ras ka ciibun isuk nu ngagarenclang rumawur di dangdaunan, weleh nyengcelak: Kubang teh pangabetah – tumaninah . Tangkal nona nu di pipir imah , tajug, jambu haseum, cukang kawung, jeung …..ah , deudeuh teuing mangsa lawas….!

Kubang teh bahe ngaler tur bisa disebut lembur leutik lantaran diadegan ukur ku sababaraha hiji umpi. Taun tilu puluhan kungsi ti tungtung kidul tepi ka ka kaler pangesina rempeg. Taun opat puluhan seke seler dulur jeung baraya sawareh miang seja neangan pangupa jiwa ngababakan ngadon usaha di lain tempat ( ka Rancasalak, Sukamaju, jeung Subang), samalah kasampeur ku taun lima puluh tujuh – lima puluh dalapan lembur teh meh ampir pada ninggalkeun lantaran nagara keur pakucrut ku saperkara D.I /T I I. Ka mangmang jeung karempan nyingkah ti lembur hate dulur jeung baraya harita teu mere jawaban nu pasti. Rasa gilig rek lunta tapi teu kebat jadi gumulung jeung rasa miris lantaran D. I beuki meuweuh ngajorag lembur, cenah gambaranana harita :

taya mojang nu ngabungbang
taya bujang nu ngaranjang
taya nu sare nyangkere
da hate kabeh nyanggeyeng
panon caleuy neuteup hateup
paneuteupan panglamunan
di mana nyangsangkeun badan

Kakara dina taun lima puluh salapan katampornakeun, lembur jeung pangeusina rada nyeunghap kalawan ceuli teh rada rineh tina pangreungeu dor-dar na bedil. Hate simpe tina jumeritna peuting lantaran imah dihuru. Patekadan seja ngababakan cicing di lembur
Kubang katingalina siga nu dibalikan deui , dimimitian deui. Doran pacul diwewengan, bedog jeung arit diasah deui.

Asup ka taun genep puluh ( geus aman), Kubang katinggalina aya getihan deui : tutuwuhan hejo lembok, peuteuy , alpukeut, buah nona, jeung labu rantuy mapaesan lembur, buruan imah weleh haneuteun . Masigit anu ampir satengah tajug kagungan Aki Umri tara towong ku barudaknu ngaradon ngaji, pabrik kurupuk jadi hurip harepan mangsa rek datang, jalan lembur sisina dipager manis tumpangsari jeung randamidang coeleun sambel, jadi matak tembre kana kaasrian pangbebetah.

Taun tujuh puluhan , pangbebetah urang lembur teh paripurna. Usaha kana tani , pabrik kurupuk, jeung dagang tambah undak hasilna. Teu kurang ti sandang jeung pangan najan lumrah. Ketan- keton ti babaladon unggah leuit jadi wajit, opak, gegeplak, ulen katut burayot, sagalana weleh ngajagrag di unggal imah gumulung jeung hate reket ku panalinga kokolot lembur (Aki Umri, Aki Wanta, jeung Mang Indin) nu jadi paseur moral dina sagala widang ( tokoh-tokoh ieu taya tanding lamun diukur ku kahirupan di Kubang kiwari ). Dina tahun tujuh puluhan oge masih katinggali artefak mistisme kuno nu napak dina tempat jeung dongeng ( folk klore) anu memang bisa jadi ku kuring mah dianggap yen hal-hal eta pisan nu jadi filosofis kahirupan di Kubang harita, karasana kahirupan teh sakral , mistis , jembar, sieun ( pamali) ngitung polah dina tiap dami panas, jeung ngaleuleumah mangsa pikeun ringkang ( nu matak baheula mah hirup teh loba salametna dibandingkeun jeung ayeuna , loba pisan cilakana!).

Nyoko kana salah sahiji conto di luhur, samisal acara ritual nadar panen pare beuneur hasilna, ( masih dina taun-taun genep puluhan jeung tujuh puluhan). Kolot-budak sapangeusi lembur anu memang sacangkewok teh diangkir ka bumina Aki Umri – Ma Erum (Angrum), samalah dina unggal nadar oge sok diulem Aki Entem ti Kopo, Bah Enjum ti Kubang Kidul, jeung Mama Pura ti Cigasti (rakana Aki Umri). Katinggal Aki Umri nu gaduh hajatna janten tihang doa, dibuka ku salawat nabi kalayan kuaosan paranjang, anu ditungtungan kieu :

,…………………………………………..
Bismilahirohmannirohim……………..
Ya Alloh Ya Robbi
Mugi panen nu tos kalangkung
Sareng nu tacan ka sorang
Sing janten berkah kanggo abdi sadaya
Mugi pare beuneur nu janteun beas,

Beas janten sangu , ditedana sing raos
Sing gumulung janten daging janten getih
Janten kaimanan – katakwaan
Ya Alloh Aza wa zalla
Mugi dijaring diaping pangeungsi ieu lembur
Tebihkeun tina balai, caketkeun tina rizkina

…………..Alfatihah !…………………..

Mugi dirakhmatan ka Kang jeng Nabi Muhammad SAW
Para sobatna, para tabiin tabina

…………..Alfatihah !……………

Kasanggakeun karahmatan
Ka Syeh Abdul Qodir Jaelani
Syeh Abdul Muhyi di Pamijahan
Embah Dalem Arif Muhammad di Cangkuang
Embah Jangkung di Kubang
Embah Ibrahim di Kuta Luhur
Kang jeng Dalem Wirasuta di Kahuripan
Sayabu sianareung Mayagatrekdi Cengkong

……………..Alfatihah !…………………..

Rengse ngadoa ,brak dibuka tuangen nu diriung-riung teh. Seleseng kaambeu seungit pisan sangu wuduk make salam dihanceungkeun ngahaja kana piring seng ditumpangan ku daun kelor meunang nyeupan , endog meri sabeulah meunang ngulub, cabe rawit hiji nyangkerok di sisi piring, dimamanis ku bawang atah jeung tarasi meunang meuleum. Matak endah……….

Hal anu dtulis ku kuring di luhur ngarupakeun salah sahiji conto ti conto-conto lain nu dilakonan di Kubang, hiji bukti yen di Kubang harita aya kasaimbangan hirup antara nyabadanan nu geus dipilampah, sujud syukur ka Alloh nu murbeng alam, jeung make tatakrama ka anu ”ngageugeuh” alam leutik nu pinuh ku sugestif.

Kiwari sagalana geus robah . Zaman terus lempang gancang, tapakna ngageurus wangunan jiwa manusa ti satukangenana, hiji hukum alam anu lumrah, logis tur pasti. Kubang kiwari gambaranana teu kawas baheula, ngaarangrangan tur reunghas lalakon nu ngalakonannana geus beda filosofis hirupna. Kokotor zaman nu terus kabawa angin moncor kana sela-sela awi, rongheap ti tengah kebon. Balawiri dina beurangna jeung pentingna, memang teu bisa dihagal deui. Alam robah lir caah dengdeng, malidkeun rucita hirup nu samemehna geus diwangun. Palid, terus palid ka muara zaman nu paeunteung-eunteung jeung laut marudah lampah nu boa iraha bisa eureun motahna.

Embah Jangkung Pancuh Munggaran

Saur katerangan Nini Ento (buyutna Embah Jangkung), nalika jumeneng keneh kantos cumarios, yen Kubang nu kungsi kaalaman ku anjeunna ngarupakeun hiji leuweung leutik nu masih keneh rembet ku tangkal kai nu galede tur paselang jeung tangkal awi. Dina mangsa eta ceunah masih pirajeunan sok panggih jeung meong atawa maung, geus puguh ari oray nu galede mah .
Hirup harita asa cuang cieung da puguh jalma kurang. Ari gok jeung jalama anyar pinanggih asa araneh , ti luhur nepi kahandap tuntunganana sok terus disidik-sidik. Pareung nyorang peuting matak kukurayeun , sora ajag patembalan awor jeung seahna daun awi nu katebak angina. Lpeuting n uterus kasorang ukur poek peteng nu teu welwh nyambung saendeng-endeng. Bray beurang nu panggih teh ata jeung eta : jalan satapak nu ngembat ka kulonkeun, terus mudun ka pancuran cai leubak.

Saha atuh nu ngababakan munggaran di ieu leuweung leutik the ?, taya sanes iwal ti Ki Tanu Jaya anu kateulah Embah Jangkung tea. Nya anjeunna pisan nu munggaran nyeubat Kubang teh , hunyur garing sisi leuweung rada ngetan matak marenah diadegan. Sabab satemenna, ieu tempat teh ka keueum cai Beulah kidulna. Situ rada lega, caina nyublek cicing teu ngamalir ( ngubang), nu matak Embah Jangkung nyebut “Kubang” (Urutna kiwari jadi ranca nu dipelakan pare). Oge hal ieu pisan anu ngabedakeun sesebutan tempat teh, aya sebutan Kubang Kidul tapi aya oge Kubang Kaler. (Kubang Kaler anu ku kuring rek dipedar dina ieu silsilah)

Demi Embah Jangkung ( Ki Tanu Jaya) nu katelah harita tukang tani, eta leuweung leutik ku anjeunna dibukbak kalawan taneuhna diperedih tina meunang jejerih , dipenta kurupa huma, tanah angar jadi subur , ngawasiatan – ngaduriatan. Nya anjeunna pisan anu munggaran mukakeun lawang cai jadi susukan nu nobros ka Cicapar. Kiwari caina jadi kawaluyaan pikeun tatanen tur dipake meresihan rereged awak nu ngocor pinuh kaheman dina tampian cai kulon.

Timana atuh asal mulana Ki Tanu Jaya teh ? , walahualam, kuring teu meunang raratan . Ngan nu jelas Ki Tanu Jaya pisan anu disebut Embah Jangkung teh. Saur Ento , sebutan Embah Jangkung teh nyaeta Ki Tanu Jaya tea, saparantosna pupus disebut Embah Jangkung (kuring naros Ento anu yuswana 105 taun dina taun 1968, lapat-lapat memorina tiasa kaungkab, pupusna tahun 1969). Saur Ento keneh, disebut Embah Jangkung soteh pedah gede pisan wibawana , pinter norah, rapekan tina hal tatanen, getol tapa, tapis mindahkeun hujan, jeung rea deui anu bisa disebut aheng, ku ukuran zaman ayeuna. Contona bae, cenah Embah Jangkung mah bisa nyumput dinu caang, bisa tepi ukur memenitan ka Sumedang Larang ( sebutan Sumedang baheula), paleubah hal ieu , Ngabehi Wirasuta sok menta tulung pangnepikeun surat ka Kang Jeung Susunan Sumedang Larang (RanggaGempol III), saur Ma Uwi , Embah Jangkung teh kapercayaanana (penasehat spiritual ) Ngabehi Wirasuta anu kantos maparin tanah anu kacida legana di blok Ciburaset. Tapi bah Enjon (alm) kantos ngalohong , cenah Embah Jangkungna satangtung kalapa anu kungsi dikolongan handapeu bitisna ari dina mangsa-mangsa kawenehan ngabedega di astana. Asa kabina-bina teuing lohong teh….sabab ceuk pamikir kuring , moal tepi ka tangtu kitu gambaranana . Genetika manusia mah sok leuwih kuat nurun . Nu matak urang papay , aya turunan ti Kubang anu jangkungna mentas ti sameter dalapan puluh ?.

Tapi kuring boga jawaban anu jelas hasil tina ngolah data anu kapanggih tina napak tilas , boh ti nara sumber, taun kajadian , atawa diakurkeun tina pabukon, yen satemenna , Embah Jangkung sanaos unggul tina urusan kabatinan, takdir na mah jalmi biasa ; teu aya kokocoran menak , malah mah kaasup somah, sahaja, biasa , malah sok mindah-mindah rasa di unggal tempat, kawit nganjrek di Cikembulan, ngalih ka Cikeusik, teras ka Cikijing, nu akhirna ngababakan di leuweung Kubang. Hal anu biasa ku ukuran harita, sabab pindah-pindah tempat (nomaden) hiji laku anu nyoko kana nyiar pangupa jiwa nu bisa ngaweungku katrengtremen jiwa, rizki jeung ngabaranahkeun turunan supaya bisa nyebar ti unggal tempat. Nu matak hiji hal nu lumrah pikeun jalama anu hirup exist dina waktu harita , sagalana diukur ku karetegna , ku kayakinan nu ngagilerkeun takdir , nyaeta Alloh SWT, ka alam sabudeureunana, ka panon poe , ka bulan, jeung ka bentang anu baranang turta dibareungan ku luhur cita-cita tapi heunteu naif sakur nu dirasa jeung karasa.

Ceuk kayakinan kuring , Embah Jangkung teh lain urang Kubang pituin. Tapi urang mana boa lamun tea mah istrina pituin urang Cikijing, ngan nu jelas, lain urang Jawa Wetan atawa ti sabrang , tapi urang Sunda anu namina oge kapan Sunda : Tanu Jaya. Kayakinan kuring ieu pedah kungsi nataan sajarah Sunda kuno aya di pabukon, yen Pajajaran anu akhir, ka wilayah Pasundan Kidul mah rada teu malire lantaran di wewengkon ieu mah manusa teh carang keneh, malah mah sagala urusan kakuasaanana diserenkeun ka nagara Sumedang Larang nu diserenkeun tugas ku Mataram (Sejarah Sumedang Larang, 34: 1983).

Jadi lamun diitung mangsa , Embah Jangkung jumenengna antawis taun 1500-an katompernakeun, sacara politis aya dina kakuasaan Pangeran Adipati Jaya (Sunan Panceur Limbangan) jeung Rangga Gempol I, II, jeung III, anu kabagi deui dina kakuasaan Kahuripan anu di kawasa ku Ngabehi Wirasuta (Ngabehi Wirasuta dibisluitan ku Rangga Gempol III ku surat no D.27 Sapar, taun 1619), geura urang urut paniten kuring nudipadukeun jeung cariosan Ma Uwi di handap ieu :

Karuhun Yuswa Masa Kakuasaan
Embah Jangkung Yuswa 101 taun, lahir taun 1500 akhir Adipati Jaya/ Rangga Gempol III
Engkeh Yuswa 84 taun, lahir 1600-sann Rangga Gempol III
Emeh Yuswa 97 taun, 1700-san Dalem Mertasinga
Ento Yuswa 105 taun, lahir 1864- pupus tahun 1864

Urutan di luhur heuntu disusurup , tapi katohyan tina yuswa luluhur urang anu tangtuna oge bisa sambungkeun jeung wengkuan zaman dina taun-taun eta, saha anu ngawasa jeung administrasi pamarentahanana. Dina taun-taun anu aya di luhur geus nganteng yen wilayah sunda mah (kaasup Kubang) geus diatur ku Mataram , Sumedang jeung Limbangan. Ku sabab kitu , urutan anu di luhur teh geus dicocokeun jeung zaman na nu nyoko antara taun jeung wilayah administrasina ( Limbangandong, 62 : 1984).

Matak mun diemutan deui , kaitung de’et zaman na kahirupan Embah Jangkung teh. Lamun diitung taun ti yuswana Uyut Ento (buyutna Embah Jangkung), getih kuring oge masih keneh kuat lantaran masih keneh ngamalir turunan katujuh (titenan struktur silsilah).

Aya saeutik kapercayaan tapi teu gembleng, yen saur Ma Uwi keneh, Embah Jangkung teh sok resep tapa anu cenah jolna ti pakidulan Sukapura (Tasikmalaya ayeuna). Lamun tea mah urang nyoko kana carita eta, meureun urang teh rada bau-bau ti Tasikmalaya. Komo mun ngira-ngira tina nami Tanu Jaya mah, boa-boa urang teh turunan ….patih ¡. (patih harita masih kaasup menak).

Enya kitu pisan , kuring di luhur geus ngajelaskeun, yen satemenna Embah Jangkung teh pituin urang Cikijing anu kantos nyorang kahirupan anu lumrah. Pupus dina yuswa 101 taun kalayan dimakamkeunna di Astana Luhur. Yuswa 101 tahun keur ukuran kiwari mah kaitung pohara jago. Padahal mah harita teh teu aya tuangeun anu mewah, paling peuteuy selong katut eceng, mewahna ukur bubuy beunteur jeung bogo nu didorong ku cai herang meunang naheur. Ieu meureun nu matak paranjang yuswana teh, tuangeun nu dituang teu aya zat listrik , teu aya ragi, teu aya zat minyak, zat pewarna , katambah salirana digerakeun unggal poe , ari hareeng jeung nyeuri beuteung (panyakit baheula ngan ukur dua rupa) obatna ukur pucuk jambu, kokotor batin tara dikukut, universal tur nobros kahirupan basajan nu pinuh ku sajatian.

Ari urang ¿. Urang mah kiwari epes meer pisan, hareeng saeutik oge sok terus maot, da eta atuh nu dituangna tuangeun miyuni racun ditambah ku resep ngukut gereged batin. Nu matak umur manusa kiwari mah sok langka meuntas ka salapan puluh atanapi ratusan taun, malah umur genep puluh taun oge geus pohara reyod na, tapakeun urang…..

Kuring , (meureun ki dulur-dulur oge) ngarasa Bangga lantaran bijil ti turunan nu bisa kabaca turusna , dumukna, perwatekanana, filosofis hirupna, cita-citana nu bisa ngocorkeun getih rundayan kalayan bisa ngamalirkeun seuwu – siwi nu spesifik dina rupa jeung tangtungan, pikiranana nu kudu tetep dina lilingeran sacangreud pageuh , sagolek pangkek , hiji laku nu sapuratina aya dina wasiatna Embah Jangkung nu tatalepa amanat kawit ka Engkeh, teras ku Engkeh didugikeun deui ka Emeh, nu akhirna dicarioskeun deui ku Emeh teh ka Ento, Ento ngadugikeun wasiat ka Bo Irah ( Ibuna kang Saman – Kubang) kalawan ngangge cariosan Embah Jangkung anu teu dirobah), anu saurna Kieu :
“Mankahade Engkeh maneh ulah udar tina tatali pangkek, sabab lamun udar tina geugeusan mah sok hese ngahijikeun deui, ewed cumarita, da napsu kapahung ¡”


Responses

  1. Assalamu’alaikum Wr. Wb.

    Nepangkeun sim kuring Tedi Permadi, kaleresan nuju ngahangkeutkeun dina maluruh naskah kuno khutbah Jum’at nu aya di Candi Cangkuang.

    Hatur nuhun kana sagala rupi informasi nu di muat dina ieu situs. Kanggo sim kuring kacida ngabantosna dina raraga maluruh khutbah jum’at nu aya di Candi Cangkuang nu diperkirakeun titinggal ti Pangeran Arief Muhammad.

    Manawi aya informasi sanesna perkawis Pangeran Arief Muhammad diantos ngalangkungan e-mail sim kuring.

    • Punte manawi pamendak abdi ari eyng Arif mhmd urang sumenep anu diuts nyerang VOC d Batavia ku sultn.Agung. Matrm sajaman man sareng surenggono*Aria wira saba)mojo agung (jatim) bahurekso kendal (jateng) Dipati ukur wangsanata pabentelan .singa perbangsa galuh. Aria wira angun2 bandng.dlm.Tanu baya.parkan muncang. Wiradadaha .sukapura tsik .Bagus suta banjar dll kumargi kalah upm uih ka mataram sangsi hkm msti

    • Punte manawi pamendak abdi ari eyng Arif mhmd urang sumenep anu diuts nyerang VOC d Batavia ku sultn.Agung. Matrm sajaman man sareng surenggono*Aria wira saba)mojo agung (jatim) bahurekso kendal (jateng) Dipati ukur wangsanata pabentelan .singa perbangsa galuh. Aria wira angun2 bandng.dlm.Tanu baya.parkan muncang. Wiradadaha .sukapura tsik .Bagus suta banjar dll kumargi kalah upm uih ka mataram sangsi hkm mati seueur para leluhur garut anu pateni d mataram sapertos T.jaya kusumah timbngntn.garut. jiwa merta.limbangan.dipati ukur pabubtln. Dll janten eyng Arif mhmd teu uih ka jawa ngamukim di cangkuang aya kaitan serng Eyng sunan pangadegan (wiranata kusumah)rj tmbngbten terahir jatn abdi anu nj milarian sumber sejarah kadungora di awali kucikembulan margi awal kdleman eyang candradita Distrik/kawadanaan Rangga Jaya reja ieu anu diplarian dasar sejarah anu aya kaitan sarng leluhur kadungora sadyna

  2. Salam,

    Asa tos lawas sim kuring teu ngaos rupining seratan nu aya dina ieu situs. Alhamdulillah geuning ayeuna tambih seueur wae informasi nu tiasa diaos ku sim kuring nu tangtosna nambihan pangaweruh.

    Hatur nuhun kana sagala rupi informasi nu parantos kaaos ku sim kuring.

    Cag, Wassalam.

    • wilujeng Ted, akang nganuhunkeun pisan tulisan akang tiasa dipedar didieu. Muga-muga we cing aya mangfaatna khususna keur urang turunan Kubang. (akang di Batu Lawang).

  3. sallam’alaikum wr wb.
    hapunten bade tumaros rundayan abah enjum ti kubang kidul~kaleresan aki iri yuswa 80 nu linggih di cianten limbangan kamari ngisahkeun pun akina namina mama enjum rama nini anga ibu pun aki

  4. saurna mama enjum sok dicantelkeun namina tinu tawassul nu sok didawam warga wargi kubang tarutami para sepuhna, manawi aya salah sahiji keturunan mama enjum boh ti haji raden hasbulloh atanapi sanesna, ieu nini anga putera bungsu mama enjum katurunanna

  5. tilem nasab, teu jiga katurunan mama enjum nusanesna jareneng, pribados nami ahmad zaenal muttaqin binti didah rosyidah binti h iri juhaeri nasrulloh binti nini anga binti mama enjum bin nini jamsah ti bandung, htur nhun kana perhatosanana, wsllm


Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

Kategori

%d blogger menyukai ini: